Septiani Rahayu Widiastuti
Dina hiji poé, si Kabayan keur
candukul di téras imahna. Teu lila, télépon imahna disada.
Kring, kring, kring...
Iteung: (Mengangkat
Telepon)
Eha:
Halow, wilujeng siang.
Iteung: Wilujeng siang.
Eha: Tiasa nyarios sareng
kabayan?
Iteung:
Tiasa, tiasa, ieu téh saha nya?
Eha: Ieu Eha, babaturan
keur alitna
di kampung.
Iteung:
Antosan sakedap
nya, Eha.
(Iteung nyampeurkeun
Kabayan)
Iteung: Akang, ieu aya
telepon ti Eha.
Kabayan: Eha? Eha saha?
Iteung: Eta si Eha,
babaturan akang keur budak.
Kabayan:
Aih, si Eha? Kadieukeun atuh telepona, akang badé ngobrol.
Iteung: Iyeu.
(masihkeun telepon)
Kabayan: Halow.
Eha: Halow Kabayan!
Kabayan: Eha? Eha anu baheula sok ceurik di kelas téa?
Eha: Aih… aih… Kang
Kabayan ulah kitu… itu mah baheula, ayeuna mah tos béda atuh!
Kabayan: Haha si enéng mah, ulah ngambek atuh! Aya naon
nélépon? Sinarieun.
Eha
: Jadi kieu kang, bulan ieu rencanana abdi badé ngajak akang piknik ka Ciater
sareng réréncangan Enéng. Sakalian badé nepangkeun, kumaha kersa teu?
Kabayan: Atuh hayu wé akang mah, ari si Iteung pamajikan
akang hadé milu teu?
Eha: Wah hadé baé atuh,
amihna leuwih ramé.
Kabayan: Nya muhun atuh, engké dibéjakeun ka Iteungna.
Eha: Eh bétéwé, bumi akang
téh di palih mana pami ti jalan raya?
Kabayan: Aih si Eneng ka hilap kitu. Ti jalan raya mengkol
ka kénca, terus lurus wé dugi ka pom béngsin, tah imah akang aya di beulah kénca.
Eha: Waduh, waduh, lieur geuning kang, sieun salah euy. Ti
jalan raya mengkol ka kénca, terus lurus wé dugi ka pom béngsin, tah imah akang
aya di beulah kénca. Bener
teu?
Kabayan: Tah,
bener pisan hehe … ulah nyasar nya, maenya desa sorangan nepika hilap kitu.
Eha: Aduh, punten kang, maklum lah anak kota … hahaha. Nya entos
atuh kang, sakitu waé, eha sumping jam 09.00 Minggu enjing.
Kabayan:
Oké. (menutup telepon)
Kabayan geuwat ngabéjakeun rencanana ka Iteung.
Kabayan:
Neng, tadi si Eha
ngajak urang piknik di Bandung, kumaha badé ngiring moal?
Iteung: Gaduh artos kitu?
Kabayan:
Yaelah, emang perlu sabaraha?
Iteung: Hemmm, ciga nu gaduh artos waé, emam ge jeung asin wungkul!
Kabayan:
Euleuh, euleuh si enéng mah
ngalalaworakeun kitu atuh, kieu-kieu ge akang mah sok nabung.
Iteung: Lah, kunaon atuh teu bébéja ka enéng?
Kabayan:
Eh, lain kitu néng, akang nabung téh jeung kaperluan anu teu disangka-sangka,
ciga kieu téa.
Iteung: Nya muhun atuh upami kitu mah, kumaha akang waé…
Kabayan:
Nah kitu atuh.
Saban poé
karandapan, poé anu geus ditangtukeun datang. Kabayan jeung Iteung siap-siap
piknik ka Bandung bari nungguan Eha sumping ti Jakarta.
Kabayan: Neng,
ieu tos sabaraha? Naha nya si Eha can sumping? (panik)
Iteung: Jam 10, sabar atuh kang, meureunan macet di jalan.
Kabayan:
Sabar kumaha atuh? Ieu tos
hampir sajam nangtosan.
Iteung: Nya muhun atuh. Tungguan wé.
(menenangkan)
Kabayan
: Nya, nya, deh.
(Eha pun datang)
Eha: Assalamualaikum, kang Kabayan ieu Eha
kang!
Iteung: Tuh pan Eha sumping, makana sing sabar.
(meledek)
Kabayan:
Muhun neng, muhun. Tuh atuh
bukakeun pantona.
(membukakan
pintu)
Iteung: Waalaikumsalam, ieu Eha anu nelepon téa?
Eha: Eh iya téh, pasti ini téh Iteung
istrinya kang Kabayan nya?
Iteung: Muhun, geuningan terang?
Eha: Nya terang atuh, apanan tos dicariosan ku kang
Kabayan. Oh muhun, tepangkeun, ieu Mimin, ti Bogor.
Iteung: Oh kitu, abdi Iteung. (salaman) Eh, hayu atuh kalebet.
Eha: Muhun, Teh. Hatur nuhun.
Iteung: Kang, Eha sumping yeuh.
Kabayan:
Muhun, muhun, sakedap.
Eha: Kang Kabayan?
Kabayan:
Eha? Wih, ayeuna mah beda euy, kumaha betah di Jakarta?
Eha: Alhamdulillah betah kang, upami teu betah mah moal lami di Jakarta atuh kang. Eh
tepangkeun, ieu babaturan Eha di Jakarta.
Kabayan:
Saha namina? Abdi Kabayan.
Mimin: Nami abdi Mimin, abdi dumuk di Jakarta
sareng Eha sakontrakan, abdi kawitna ti Bogor.
Kabayan:
Wih, urang Sunda ogé
atuh,
sapadamelan sareng Eha?
Mimin: Muhun kang, unggal dinten ogé angkat damel sasarengan.
Mimin: Tétéh, linggih duaan waé? Ibu sareng
bapa ka mana?
Iteung: Bapa
sareng Ibu téh tos angkat.
Mimin: Ari putra?
Iteung: Teu
acan gaduh putra, iyeuh. Mimin tos rimbitan?
Mimin: Teu acan téh, abdi masih resep damel.
Iteung: Apanan pami tos rimbitan mah caroge anu damel.
Mimin: Muhun, Teh. (senyum)
Kabayan:
Heh, heh, heh ulah jadi ngobrol ka mamana.
Eha: Eh, hayu atuh urang angkat ayeuna, bisi kaburu peuting ka Bandung na.
Kabayan:
Nah, leres tuh Eha. Hayu!
Kabayan,
Iteung,
Mimin,
sareng Eha angkat ka Bandung. Tapi sateuacanna dugi ka Ciater, Eha balanja
kadaharan khas Bandung.
(Di pasar)
Eha: Ibu, ieu sabarahaan? Kiripik tempe sareng peuyeum?
Penjual:
Oh, upami peuyeum mah tilu
puluh rebu neng, kiripik tempena dua puluh rebu, neng.
Eha: Idih mahal pisan bu!
Mimin: Tiasa kirang henteu, Bu? Bade mésér
seueur ieu téh.
Eha: Muhun bu, tiasa kirang teu?
Penjual:
Kitu badé mésér sabaraha
kilo néng geulis, téh?
Mimin: Mésér peuyeumna sakilo, kiripik témpéna dua kilo bu.
Penjual:
Ya muhun atuh, dikirangan
peuyeumna dua puluh lima rebu, kiripik témpéna lima belas rébu perkilo.
Mimin: Janten sabaraha sadayana bu?
Penjual: Janten lima puluh lima rébu, néng.
Mimin: Ieu bu, artosna genep puluh rébu.
Penjual:
Oh muhun néng, ieu angsulna
lima rébu rupia. Hatur nuhun nya, Néng.
Mimin: Muhun bu lima rébu rupia, muhun, sami-sami.
Teras
Kabayan saparakanca neraskeun parjalanan ka Ciater,
macet di mana-mana, jeng saperti biasa Kabayan kalaparan.
Eha: Duh, macet, euy.
Mimin: Tabuh sabaraha
ayeuna?
Eha: Jam tilu saparapat, Min.
Kabayan: Wah, lapar euy. Urang téh can dahar.
Iteung: Nya atuh ngaemam kiripik témpé wé heula kang.
Kabayan: Embung
ah.
Mimin: Lah kunaon atuh?
Kabayan: Haduuuh, Mimin. Teu wareg atuh dahar kiripik mah. Eha, urang ka lestoran heula, yu!
Iteung: Dih, Akang
gaya pisan.
Apanan
mahal.
Kabayan: Teu
nanaon, iraha deui atuh dahar di lestoran.
Eha: Nya muhun atuh, badé di lestoran mana kang? Ampera, Italia, atanapi di mana?
Kabayan: Lestoran Italia wé!
Eha: Nya
muhun atuh.
Kabayan: Eh…
ke… ke… ke.. Eha anu mayarna?
Iteung: Ih ari si akang ngisinkeun kitu ah!
Kabayan: Hehehe...
Eha: Yeeee si akang. Muhun atuh Eha nu mayar.
(Di lestoran)
Pelayan: Wilujeng wengi, badé pesen naon?
Kabayan: Pettucini Alpredona hiji, jeung jus jerukna , nya.
Pelayan: Muhun, Kang, diantos, nya!
Akhirna, Kabayan saparakanca liren di
lestoran Italia. Di ditu, Kabayan mesen kadaharan asing, anu teu pernah Kabayan
dahar saacanna.
Kabayan: Aduh
aduh kunaon ieu nya? Geuningan ieu beuteung nyeri kieu?
Iteung: Kunaon kang? Teu kunanaon?
Kabayan: Yeuh, teu nanaon kumaha. Ieu beuteung akang
nyeuri.
Mimin: Nya atuh ka dokter waé yu, amih enggal damang.
Eha: Nya atuh urang ka dokter.
Kabayan: Mana
nya klinik dokter teh?
Mimin: Eh itu aya dokter!
Iteung: Mana, Min?
Mimin: Itu...aya tulisanna DOKTER.
Iteung: Eh, iya, yu atuh urang ka ditu!
(Tok tok tok tok)
Dokter: Mangga
kalebet.
Kabayan: Wilujeng
siang dok.
Dokter: Wilujeng siang, muhun, sareng saha? Kunaon?
Kabayan: Kabayan
dok, ieu dok nyeri patuangan. Saatos neda di lestoran Italia.
Dokter: Oh
muhun, urang parios heula. Oh, ieu mah henteu kunanaon ieuh, pédah teu biasa nuang tuangeun Italia.
Kabayan: Hehehe
muhun dok, nembean puguh abdi teh, biasana
mah dahar tempe anu dijiem ku pamajikan.
(tertawa)
(semua tertawa)
Dokter: Nya
muhun atuh, ieu dipasihan obatna. Obat pil dileueut tilu dinten sakali nya!
Mugia sing énggal damang nya.
Kabayan: Hatur
nuhun dok. Mangga.
Kabayan saparakanca ngalajengkeun
perjalanan ka Ciater. Sadugina di ditu,
Kabayan saparakanca langsung ngojay di kolam, jeung nembé mulih dina waktu
sonten.
Oleh : Ai Nurhamidah
Essenza Quranique Bachreisy
Muhammad Mursyid
Nadia Almira Sagitta
Septiani Rahayu Widiastuti
Ujian Akhir Semester Kelas Bahasa Sunda Dasar...
1 komentar:
aih aya foto urang euy dina blog kamu
Posting Komentar